JATI KASILIH KU JUNTI
Geus lain rusiah lamun tatar Sunda katelah leubeut ku palasipah jeung ka’arifan budaya lokalna. Malah mun urang rajin ngawincik hiji-hiji laju dituliskeun, cigana baé mun sagara jadi mangsina jeung tutuwuhan jadi kalamna hamo cukup pkeun nuliskeunnana. Saking ku loba pisan palasipah jeung ka’arifan lokalna téa téh. Tah, éta sakuduna jadi cicirén yén karuhun Sunda téh kacida motékar jeung rajin mikir pikeun kahirupan anu pinuh ku tata jeung titi. Ngan hanjakal pisan buah jeung beutina téh geuning teu pati dipaliré ku kalobaan ahli warisna.
Sok geura cuang rasakeun ku balaréa anu dina dirina masih kénéh ngancik getih ka-Sunda-anana. Tur kabeneran daék maca kana ieu tutulisan. Da abong lamun téa mah ngarasa bungah nalika manggihan tulisan basa Sunda ciga kieu. Malah boa-boa silaing mah nénjo judulna wungkul ogé geus embung nuluykeun maca tepika anggeus.
Kahadé mun ilaing geus ngarasa kitu, kudu buru-buru tobat. Bisi katuliskeun jurig. Bisi nincak kana jati kasilih ku junti. Aéh ké heula, boa iaing mah teu apa naon jati kasilih ku junti téh? Kieu atuh, ari nu disebut jati kasilih ku junti téh mangrupakeun hiji ungkara karuhun Sunda anu ngagambarkeun kahariwang aranjeunna kana nasib kalanggengan basa jeung budaya Sunda di poé isuk. Tapi cigana kiwari mah anu dipikahariwang éta téh geusan nepi kana wanci, cunduk kana waktuna.
Cik geura, ayeuna uing lain arék ngabejaan bulu tuur. Lain ogé rék ngajar ngojay ka meri. Ari sabab, uing nyaho jeung yakin saratus persén. Matak ilaing bisa maca ieu tulisan ogé ilaing mah lain meri. Ieu mah supaya leuwih jéntré baé. Kieu geura yeuh, ari nu disebut jati kasilih junti téh bisa dihartikeun, Pribumi kalandih ku semah. Contona, Basa Sunda dilandih ku basa deungeun. Kapan teu saeutik geuning urang Sunda nu apilain ka Sunda. Pangrajeunan kadéngé “Aku téh katurunan orang Sunda, tapi nggak ngarti bahasa bahasa sunda”sebel déch Uing mah kanu kitu téh.
Atawa bisa ogé dihartikeu kieu, nu hadé teu dipaké nu goréng diambéng-ambéng. Conto deukeutna kieu, umpama téa mah di kampus batur. Kampus UIN Sunan Gunung Salak. Cenah di kampus éta mah kacaritakeun. Ari dosén anu pinter, cerdas, motékar tur pangalamanna jero, teu dipaliré. Ari dosén anu biasa jeung sagala pas-pasan, dipupusti. Malah dibéré jabatan hadé sagala rupa. Tah anu kitu ogé kaasup salah sahiji conto, Jati Kasilih Ku Junti.
Kusabab kitu, ieuh dulur-dulur séké sélér Sunda nu ku uing dipihormat. Ti samet dieu hayu cuang wanohan basa jeung ka’arifan budaya lokal Sunda. Ngarah urang teu katuliskeun jurig. Ngarah jati ngadeg teu kasilih ku junti.

Posting Komentar untuk "JATI KASILIH KU JUNTI"