Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Balera Pusaka

Umurna mah kateuing, moal kabohongan disebut nikel ti umur kuring ogé. Bedog ruyung nu balas didongéng-dongéng. Pusaka warisan pun Janggawaréng. Cenah "eusian" ieu téh? Ceuk kuring nu ngagem rasionalisme palebah nu kieu, bener ngeusi. Sabab pan ieu téh ruyung kawung nu geus muluh nahun liwat ti saking, malah natus taun boa. Puguh wé mun ngajaran diketigkeun kana punduk mah matak teu éling. Loba dongéng kasaktén tina pusaka nu ieu téh. Pedah didongéngkeun gé da sakur dongéng asa can manggih bukti. Ieu mah nu tos bukti wé yén nalika nyepeng banda ieu bet langsung inget ka Kiyai Miyamoto Mushashi nu nuju nyepeng pedang samuréy Kayu Ek. Asa gagah..

Posting Komentar untuk "Balera Pusaka"